Ceramah Basa Sunda KH Abdul Fattah Ghazali - www.banyolansunda.com
Headlines News :
Home » » Ceramah Basa Sunda KH Abdul Fattah Ghazali

Ceramah Basa Sunda KH Abdul Fattah Ghazali

Sakapeung mah sok nineung waktos taun '80-an, pami wanci subuh atanapi bade bedug magrib sok ngahaja ngupingkeun radio nu nyiarkeun ceramah da'i kondang ti Tatar Sunda, KH Abdul Fattah Ghazali. Eusi dakwah nu nganggo basa Sunda kawilang basajan sareng tema nu diangkatna euyeub ku pesen niley-niley kahirupan. Mung hanjakal info profil ngeunaan anjeunna sesah dipilari, sanaos tos dipaluruh di unggal website. Sareng deuih pami naroskeun teh sok aya oge nu lepat, nyamikeun KH AF Ghazali sareng KHR Totoh Abdul Fatah Ghozali (sesepuh Pasantren Al-Jawami, Cileunyi, Kab. Bandung/mantan Ketua MUI Jawa Barat). Namung sakaterang sim kuring mah, KH AF Ghazali parantos ngantunkeun (taun 2001 [?]).

Ka dieunakeun asa sono kana soanten KH AF Ghazali. Asa sesah ayeuna mah milari penceramah samodel anjeunna. Kapungkur mah pami teu lepat aya oge Abah Kabayan (ramana Doel Sumbang) nu sami dipikameumeut. Ngan anjeunna mah biasana sok siaran husus di radio (sapertos Kang Aam Amiruddin). Benten sareng KH AF Ghazali nu ceramah-ceramahna tiasa didangukeun dina kaset, sapertos KH Zainuddin MZ. Di handap ieu aya sababaraha link download ceramah KH AF Ghazali ti www.4shared.com (Uploadan: www.manuskripkesunyian.wordpress.com) . Mugia mangpaat kanggo baraya sadaya.



  • KH. AF. Ghazali – Abdina Alloh
  • KH. AF. Ghazali – Keridloan Ilahi
  • KH. AF. Ghazali – Kufur Nikmat
  • KH. AF. Ghazali – Sumber bahagia
  • KH. AF. Ghazali – Taqwa
  • KH. AF. Ghazali – Tilu Tugas Hirup
  • KH. AF. Ghazali – Tobat
  • KH. AF. Ghazali – Tugas Risalah
  • KH. AF. Ghazali – Takut Kepada Alloh

  • Bagikeun Postingan Ieu :

    Video Banyolan Sunda

     
    Support : Creating Website | Johny Template | Mas Template
    Proudly powered by Blogger
    Copyright © 2009. www.banyolansunda.com - All Rights Reserved
    Template Design by Creating Website Published by Mas Template