Home » » Kecap Rundayan: Rarangken Hareup

Kecap Rundayan: Rarangken Hareup



Rarangken hareup kaasup kecap rundayan, nyaeta kecap anu wangun dasarna geus dirangkenkeun. Rarangken (imbuhan/afiks) dina basa Sunda aya 4: rarangken hareup (awalan/prefiks), rarangken tengah (infiks/sisipan), rarangken tukang (sufiks/ahiran), jeung rarangkeun barung (konfiks).

Rarangken hareup nyaeta rarangken anu ngantet hareupeun wangun dasarna. Nu kaasup rarangken hareup nyaeta:

1. Rarangken hareup ba-
Gunana ngawangun kecap pagawean nu hartina 'ngalakukeun'
Conto dina kalimah: Kang Jack ayeuna geus balayar deui ka Papua make kapal laut.

2. Rarangken hareup barang-Gunana ngawangun kecap pagawean nu hartina 'ngalakukeun pagawean nu teu tangtu atawa teu puguh obyekna'
Conto dina kalimah: Eta si Gembul kabeukina teh barangdahar we.

3. Rarangken hareup di-
Gunana ngawangun kecap pagawean nu hartina 'make'
Conto dina kalimah: Teh Yuyu katingal mencrang atos diwedak mah.
Harti sejenna:
- ngalakukeun (digawe)
- ngaluarkeun (disada)
- kakeunaan pagawean (dicokot)
- pagawean nu/make (dikompa)
- dijieun jadi (diruksak)
- dibere (dipeunteun)

4. Rarangken hareup ka-
Gunana ngawangun kecap pagawean nu hartina 'teu kahaja di-'
Conto dina kalimah: Eta anak ucing katincak ku Sekdes.
Harti sejenna:
- kakeunaan pagawean di..(kagiridig)
- bisa di-...-keun (kagambar)
- bisa di-... (kaangkut)
- hal anu patali jeung (kabisa)
- hal anu dipi-... (kahayang)
- kakeunaan ku... (kapelet)
- tahapan atawa bagian (katilu)

5. Rarangken hareup N- (nasal)
Rarangken ieu mibanda alomorf (variasi) m-,n -, ng-, nga,-, nge, ny-
Conto dina kalimah: Lamun ngadenge lagu Sunda, K Lurah sok langsung ngigel.
Conto sejenna:
-maca (upama ngantet kana wangun dasar anu dimimitian ku konsonan b jeung p)
- nulis (upama ngantet kana wangun dasar anu dimimitian ku konsonan t)
- ngarang (upama ngantet kana wangun dasar anu dimimitian ku konsonan k jeung vokal)
- ngabadug (upama ngantet kana wangun dasar anu dimimitian ku konsonan b,d,g,h,j,,l, m, n,w jeung y)
- ngebor (upama ngantet kana wangun dasar anu dimimitian ku konsonan sarta ngan saengang)
- nyolok (upama ngantet kana wangun dasar anu dimimitian ku konsonan c jeung s)

6. Rarangken hareup pa-
Gunana ngawangun kecap pagawean nu hartina 'anu ngalakukeun'
Conto dina kalimah: Salaku pamingpin, kuduna manehna inget ka rahayat.
Harti sejenna:
- nu biasa/pacabakan (patani)
- anu jadi (paudur)
- alat/anu dipake (panakol)
- aya dina kaayaan (paantel)

7. Rarangken hareup pada-
Gunana ngawangun kecap pagawean nu hartina 'loba kakeunaan ku pagawean'
Conto dina kalimah: Eta bencong nu ngaliwat teh padanyiwit ku nu aya di dinya.
Harti sejenna:
- sarua (padabeunghar)

8. Rarangken hareup para-
Gunana ngawangun kecap barang nu hartina 'loba/sakabeh'
Conto dina kalimah: Parasaderek dihaturanan enggal lebet.

9. Rarangken hareup per-
Gunana ngawangun kecap barang nu hartina anu jadi'
Conto dina kalimah: Leungeun kenca kukurunyudan wae, pertanda naon nya?
Harti sejenna:
- Hal anu dibawa ti lahir (perwatak)

10. Rarangken hareup pi-
Gunana ngawangun kecap barang nu hartina 'nu dijieun'
Conto dina kalimah: Jang Edoy menta piwuruk ti Mama Abdul.
Harti sejenna:
- tempat (piruhak)
- alat/perkakas (pitapak)
- ngalakukeun (pidamel)
-resep kana/ka...(pidunya)

11. Rarangken hareup sa-
Gunana ngawangun kecap bilangan nu hartina 'hiji'
Conto dina kalimah: Cik menta kertas salambar!
Harti sejenna:
- sarua..-na (samodel)
- sagede (saramo)
- semet/nepi kana/ka (sabeuheung)
- nuduhkeun watu (saencan)

12. Rarangken hareup sang-
Contona kecap sangigir, baris mibanda harti tur madeg mandiri upama sanggeus ngaliwatan proses morfologis deu. Upama bae dirarangkeun ku rarangken N- (nasal),jadi: nyangigir.

13. Rarangken hareup si-
Gunana ngawangun kecap pagawean nu hartina 'ngalakukeun'
Conto dina kalimah: Barudak di kelas cicing kabeh, maranehna sidakep bari balem.
Harti sejenna:
- migawe keur sorangan (sideang)

14. Rarangken hareup silih- (boga alomorf sili jeung pili)
Gunana ngawangun kecap pagawean nu hartina 'pabales-bales'
Conto dina kalimah: Teh Nur jeung Teh Eli keur silihsiku.

15. Rarangken hareup ti-
Gunana ngawangun kecap pagawean aktif nu hartina 'kalakuan teu dihaja'
Conto dina kalimah: Ibu Ade tigebrus di balong Mang Uday.
Aya oge nu gunana ngawangun kecap sipat nu hartina 'dina kaayaan'
Conto dina kalimah: Kamari aya budak titeuleum di walungan.

16. Rarangken hareup ting-/pating-
Rarangkeun ieu mibanda alomorf pating-. Gunana ngawangun kecap pagawean aktif anu hartina 'loba nu ngalakukeun'.
Conto dina kalimah: Eta kunti tingcikikik di luhur tower BTS.
Bisa oge ngawangun kecap sipat nu hartina 'loba jeung tuluy tumuluy atawa bareng dina kaayaan'
Conto dina kalimah: Lampu di tengah kota tingburinyay.
Bagikeun postingan ieu :

Entri Paling Populer

Banyolan Sunda
 
Support : Profil BS | Kontak Banyolan Sunda
Copyright © 2009. Banyolan Sunda - All Rights Reserved
Template Created by Creating Website Published by Mas Template
Proudly powered by Blogger