Home » » Babasan

Babasan



Babasan nyaeta pakeman basa ungkara basa nu dipake harti injeuman sarta eusina mangrupa babandingan nu ngagambarkeun kaayaan, kalakuan jeung pasipatan jelema.

Conto babasan:
Ambekna sakulit bawang: babari ambek.
Ambek nyedek tanaga midek: kacida ambekna, tapi teu bisa ngalawan lantaran moal pikuateun.
Amis budi: alus budi parangi, mun nyarita mindeng dibarung seuri.
Apal cangkem: apal tapi teu nyaho hartina.
Asa bucat bisul: asa lugina sanggeus ngarengsekeun pagawean/hal anu beurat.
Asa ditonjok congcot: ngarasa atoh dumeh meunang rejeki atawa pikabungaheun sanggeus lesot tina kasusah.
Asa kagunturan madu kaurugan menyan putih: kacida bagjana.
Asa kabur pangacian: reuwas kacida nepi ka teu puguh cabak.
Asa rawing daun ceuli: mindeng ngadenge omongan nu teu ngeunah..
Atah anjang: jarang nganjang.
Awak sampayan: jangkung leutik jeung pantes bae mun make baju.
Awet rajet: laki-rabi nu mindeng pase.
Awewe dulang tinande: awewe mah biasana kumaha hayang lalaki.
Aya gantar kakaitan: aya hal nu teu sapuk jeung hatena, tapi henteu dikedalkeun, henteu iklas pisan.
Aya jurig tumpak kuda: aya milik nu teu pati diarep-arep.
Basa mah teu kudu meuli: taya gorengna upama urang ngangeunahkeun hate batur ku basa.
Beak dengkak: geus beak tarekah.
Bobo sapanon carang sapakan: teu sampurna pisan.
Budak bau jaringao keneh: budak can aya kanyaho.
Caricing pageuh kancing, saringset pageuh iket: taki-taki bisi aya nanaon
Ceuli lentaheun: sadenge-dengena, sanajan lain dengekeunana.
Cecendet mande kiara, cileuncang mande sagara: Nu miskin atawa jalma leutik hayang nyaruaan nu beunghar.
Ceplak pahang: Satarabasna teuing kajeun matak nyeri hate batur.
Cikal bugang: Cikal hirup, anu pangheulana gugur di medan perang.
Cikaracak ninggang batu, laun-laun jadi legok: Awahing ku leukeun, laun-laun jadi bisa.
Datang katenjo (katingali) tarang, undur katenjo (katingali) punduk: Tatakrama nu amit-amitan, nembongkeun yen taya geuneuk maleukmeuk atawa teu serong salingkuh.
Dedenge tara: Kadenge sawareh atawa dedengean anu teu pati tetela.
Deukeut (heureut) deuleu pondok lengkah: Kurang paman-dangan jeung teu bebas dina indit-inditan.
Elmu ajug: Jalma nu biasa mapatahan kahadean ka batur, ari sorangan henteu bisa ngamalkeunana.
Elmu angklung: Joledar atawa patukang tonggong jeung kolot.
Elmu tumbila: Pribumi ngarugikeun semah.
Galagah kacaahan: Nganteur atawa ngalajur napsu kabawa ku batur.
Galak sinongnong: Lalaki (bujang) nu mimiti aya sir ka awewe, tapi can wani adu hareupan.
Galak timburu: Babari timburuan. Awewe nyangka nyelewer ka salakina atawa sabalikna.
Galegeh gado: Someah, akuan, atawa darehdeh bisa nyarita, tapi teu terus kana hatena.
Hade repok: Alus nasibna dina laki-rabi, loba rejeki, jst.
Hambur bacot murah congcot: Babari nyarekan, tapi berehan. Hampang birit Daekan, sabalikna beurat birit.
Hampang leungeun: Gampang neunggeul.
Handap lanyap: Hade basa, puguh entep-seureuhna, tapi nu saenyana mah ngunghak atawa ngahina; hormat tapi matak nyentug kana hate.
Handap asor: Daek ngahormat ka batur.
Indung hukum bapa darigama: Papagon, aturan agama jeung nagara.
Indung lembu bapa banteng: Turunan jalma beunghar atawa menak.
Indung suku ge moal dibejaan: Niat pageuh nyekel rasiah, baraya nu landes ge moal dibere nyaho.
Jadi Senen kalemekan Ahad kacapangan: Jadi kembang carita.
Jalma notorogan: Jalma nu boga laku-Iampah teu pantes, pikacuaeun.
Jaman bedil sundut: Jaman baheula.
Kacanir bangban: Kawiwirangan, meunang kaera.
Kacekel bagal buntutna Katewak luluguna.
Kaceluk ka awun-awun, kawentar: ka janapria Kamashur, sarerea pada nyaho.
Kaciwit kulit kabawa daging: Kabawa goreng ku kalakuan baraya anu salah, atawa milu ngarasa teu ngeunah lantaran aya baraya dihina ku batur.
Lalaki kembang kamangi: Lalaki nu teu bisa nyukup kabutuhan rumah tangga.
Lalaki langit lalanang jagat: Lalaki anu kasep sarta gagah perkasa.
Mangkok emas eusi madu: Jelema anu omongna, lampahna, nepi ka hatena oge hade.
Mangpengkeun kuya ka leuwi: Nu dititah ka lembur asalna kari-kari ngalelep teu balik deui.
Manis lambe: Jangji sanggup naon-naon tapi ngan omong wungkul (kalah ka omong)
Manuk hiber ku jangjangna: Jelema hirup ku akalna.
Nepak dada Ngagulkeun jasa diri sorangan.
Nepi ka nyanghulu ngaler: Nepi ka paeh.
Nepi ka pakotrek iteuk: Nepi ka pakokolot pisan (nu awet lakirabi ti keur pada ngora).
Nepung-nepung bangkelung: Ngaraketkeun babarayaan ku jalan bebesanan.
Neukteuk curuk dina pingping: Nyilakakeun baraya atawa batur sagolongan.
Oray nyampeurkeun paneunggeul: Nyampeurkeun atawa ngadeukeutan pibahlaeun atawa pibahayaeun.
Owah akal: Teu jejeg pikiranana.
Owah gingsir: Henteu tetep dina hiji pamadegan
Padaringan kebek: Repok nu alus, bakal moal kakurangan rejeki.
Padu teu (moal) buruk digantung: Perkara moal robah atawa bolay ku ditunda-tunda; geus maot sarta dikubur.
Paeh pikir: Teu boga karep.
Paeh poso: Meakeun kadaek, tisusut tidungdung.
Sabelas dua belas: Sarua keneh, sakitu-kitu keneh.
Sabuni-buni nu ngising: Sanajan dibuni-buni/dirasiahkeun, pagawean serong man awal ahir sok kanyahoan.
Sabuni-buni (nu neundeun) tarasi: Sanajan dibuni-buni/dirasiahkeun, pagawean serong mah awal ahir sok kanyahoan.
Sacangreud pageuh, sagolek pangkek: Sagala omonganana ditedunan, tara jalir jangji, pageuh nyekel jangji, tara sulaya tina omonganana
Tawar gatra: Nawaran (ngajak) dahar tamba henteu basa-basa acan.
Taya dunya kinasihan: Sagala rupa dibikeun pikeun jalma nu dipikaasih mah.
Taya genah panasaran: Geus ngarasa sugema, teu ngandung hate.
Taya geusan pakumaha: (pananggeuhan) Euweuh batur keur diajak badami.
Ulah incah balilahan: Entong pindah tempat.
Ulah nyeungseurikeun upih ragrag: Ulah ngageuhgeuykeun (kolot) nu ku urang sorangan bakal kasorang (kaalaman).
Ulah sambat kaniaya: Ulah majar maneh dikaniaya, da bongan boga dosa.
Ulah tiis-tiis jahe: Ulah senang-senang atawa cicing-cicing bae samemeh sasadiaan pikeun ngalaksanakeun perkara nu disanghareupan.
Waspada permana tingal: Terus tingal, ilikan weruh sadurung winaruh.
Wawuh munding: Wawuh meueusan pedah sok panggih di jalan atawa dina pasamoan.
Weruh sadurung winarah: Nyaho memeh dibejaan.
Yuni kembang: Jelema anu pasipatanana kawas kembang, pikaresepeun atawa pikalucueun.

Babasan Edisi Lengkep (.pdf)
[Download]
Bagikeun postingan ieu :

Entri Populer

 
Support : Profil BS | Kontak Banyolan Sunda
Copyright © 2009. Banyolan Sunda - All Rights Reserved
Template Created by Creating Website Published by Mas Template
Proudly powered by Blogger